Kantos aya seratan dina majalah Manglé anu ngadongéngkeun William Frederick "Buffalo Bill" Cody (1846-1917) anu nénéh Bill Cody nalika suka bungah ngabedilan bison anu jadi sumber dahareun urang kulit beureum, padumuk asli benua Amérika.
Seratan anu kabaca mangsa rumaja téh nojo kana hiji kacindekan yén keur nyingkahkeun urang Indian ti tanahna, Bill Cody teu kudu maéhan jelemana sacara langsung, paéhan baé sumber dahareunana.
Baca juga: Diajar Neureuy Kuciwa |
SCROLL TO CONTINUE WITH CONTENT
Ari bison sorangan, lain hungkul dagingna jadi sumber dahareun. Tapi geus jadi simbol spiritual anu nyambungkeun hirup maranéhna ti entragan ka entragan. Bison geus méré jalan hirup. Dagingna didahar, kulitna dipaké jangeun jamang.
Ngeunaan bison, urang Indian ngomong kieu: "Lamun kuring paéh, kubur kuring di tegalan. Layon kuring bakal ngémplohkeun jujukutan. Jujukutan didahar ku bison. Bison didahar ku anak-incu kuring."
Tapi, antukna mah urang Indian téh kadeséh sabab lamun Bill Cody boga 12 pélor, geus pasti 11 bison mah kudu paragat nyawa. Kocap kacarita, dina jero 18 bulan hungkul, Bill Cody bisa maéhan leuwih ti 4.000 bison.
Di urang, di tempat anu kapisah jarak sakira 14.000 mil ti Benua Amérika, urang Éropa anu nénéh 'kumpeni' resep pisan ngabedilan badak (Rhinoceros sondaica), sato anu kiwari ampir leungit.
Artikel detikJabar jejer "Sejarah Kelam Badak Terakhir di Bandung, Punah di Tangan Manusia" ngabolékérkeun yén urang Éropa di Bandung kalandepna téh moro.
Maranéhna nyalusur leuweung-leuweung di sabudeureun Bandung saperti Cicaléngka, Puntang, Manglayang, nepi ka deukeut Garut. Bebedil téh maksud utamana mah teu aya deui iwal ti 'nyalurkeun hobi'.
Dina palebah dieu mah, maranéhna teu jauh béda ti Bill Cody di ditu, nyaéta maéhan sato nu geus jadi simbol kabudayaan keur urang Sunda di dieu.
Sanajan urang Sunda teu dahar daging badak, tapi badak geus nyerep kana suklak-sikluk kabudayaanana. Ti mimiti sesebutan keur pasipatan jelema, ngaran suhunan imah, nepi kana ngaran waruga pakarang Kujang.
Lamun aya jelema leumpangna nyuruntul waé, ku urang Sunda sok disebut 'jiga badak Cihéa'; Lamun aya jelema digawéna téh bedas kakapeungan, sok disebut 'Sentak Badakeun'; Lamun jelema ngabendung walungan ku cara ngasup-asupkeun batu kana kuluwung tina anyaman awi, disebutna 'Ngababadak';
Tutuwuhan di Sunda aya nu disebut Ceuli Badak jeung Hamperu Badak; Suhunan imah urang Sunda aya nu disebut 'Badak Heuay'; Panungtungan mah, waruga pakarang khas Sunda aya nu disebut 'Kujang Badak'.
Badak geus jadi sato anu patali jeung kabudayaan Sunda jiga bison keur urang Indian. Keur mah ayeuna téh, Badak Jawa (Rhinoceros sondaicus) ngan hungkul aya di Taman Nasional Ujung Kulon, Banten. Jumlahna antara 70-100 siki baé.
Taman Nasional Ujung Kulon téh perenahna aya dina 'sirah' pulo Jawa. Jadi, lamun nempo péta pulo Jawa, katempona jiga jelema keur ngagolér. Bagéan sirahna aya di Banten, bagéan sukuna aya di Banyuwangi. Di palebah 'sirah' aya tempat nu ngaranna Sanghyang Sirah.
Badak di Ujung Kulon téh mun kitu mah saperti 'disuhun' dina sirah. Ari keur urang Sunda, disuhun téh mangrupakeun lampah panghurmatan anu kalintang gedéna. Totondén yén badak kudu dipupusti.
Baca juga: Harti Anyar keur Taun Anyar |
Ayeuna, Nagara RI ngalangkungan Pak Hashim Djojohadikusumo salaku Utusan Khusus Presidén Bidang Iklim dan Energi baris mindahkeun Badak Sunda ka Taman Nasional Alas Purwo, di Banyuwangi. Nyaéta wilayah anu jadi bagéan sukuna pulo Jawa.
Mantenna baris mindahkeun badak ti suhunan ka hunjareun. Ari neundeun pustieun di hunjareun, nyaéta dina suku keur urang Sunda mah ninggang kana darajat 'teu sopan'.
Simak Video "Video: Haruskah Badak Jawa Ujung Kulon Dipindah ke Alas Purwo?"
Cuci22 Malaysia S Cuci22 Every Cci Suppressor 22 Register Your(mso/mso)























































